PATURAI TINEUNG
karya : Nisa Ana Inggar Fadilla
Gupay panangan ngambay
Nyorong patepang raray
Lengkah taya karingrang
Dalit ku wanoh
Ajam pakait weruh
Sobat dalit ngarempuh
Lengkah taya karingrang
Dalit ku wanoh
Riung kumpul ngarempug
Saban taya di rasa
Bungah ati jeung pikir
Dalit ku wanoh
Taya dirasa rasa
Warsih papadi ganti
Papayang asih unggal na
Dalit ku wanoh
Prak ayeuna pasingsal
Pabencar tina asal
Kodrat anu katangtu
Atel minyatu
janji post ^,^
Rabu, 24 Januari 2018
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar